Sabtu, 20 Agustus 2011

Do'a Wudhu + Do'a Sholat


D O A W U D H U
DO’A WUDHU
اَعُوْذُ بِاللهِ مِنَ الشَّيْطَانِ الرَّجِيْمِ
Nyuhunkeun pangraksa abdi ka gusti ALLOH tina panggodana syetan anu di benduan.
بِسْمِ اللهِ الرَّحْمٰنِ الرَّحِيْمِ
Kalawan nyebat jenengan gusti ALLOH anu maparinan ni'mat ieu ALLOH di dunya sareng di akherat, tur anu maparinan ni'mat ieu ALLOH di akherat ka mu'min wungkul.
اَلْحَمْدُ لِلهِ الَّذِي جَعَلَ الْمَآءَ طَهُوْرًا
Ari sadayana puji eta tetep kagungan gusti ALLOH anu ngajadikeun kana cai anu beresih.
اَللّٰهُمَّ احْفَضْ يَدَيَّا مِنْ مَّعَا صِيْكَ كُلِّهَا
He ALLOH mugi ngaraksa gusti kana panangan abdi tina doraka ka gusti, tegesna tina sakabeh doraka.
اَللّٰهُمَّ أَعِنِّي عَلٰى ذِكْرِكَ وَشُكْرِكَ وَحُسْنِ عِبَادَتِكَ
He ALLOH mugi netepkeun gusti ka abdi, kana eling ka gusti sareng syukuran ka gusti sareng kana alus-aluna ibadah ka gusti.
اَللّٰهُمَّ اَرِحْنِي رَائِحَةَالْجَنَّةّ وَاَنْتَ عَنِّي رَاضٍط وَاَعُوْذُبِكَ مِنْ رَّوَائِحِ النَّارِ وَسُوْۤءِالدَّارِ
He ALLOH mugi ngambeukeun gusti ka abdi kana seuseungitan syurga, bari gusti ALLOH ka abdi ridho. Sareng mugi ngaraksa gusti ka abdi tina ambena naraka sareng pang awon-awona tempat di akherat.
نَوَيْتُ رَفْعَ الْحَدَثِ الْأَصْغَرِفَرْضًا لِلهِ تَعَالٰىط
Niat abdi wudhu ngilangkeun hadas alit fardhu karena ALLOH ta'ala.




اَللّٰهُمَّ بَيِّضْ وَجْهِي بِنُورِكَ يَوْمَ تَبْيَضُّ وُجُوهٌ وَّتَسْوَدُّوُجُوْهٌ
He ALLOH mugi ngabodaskeun gusti kana raray abdi kalawan cahaya gusti, dina waktu barodas sadaya raray sareng dina waktu harideung sadaya raray.
اَللّٰهُمَّ أَعْطِنِي كِتَابِي بِيَمِنِيط وَحَاسِبْنِي حِسَابًايَسِيْرًا
He ALLOH mugi masihkeun gusti kana buku amal abdi, kalawan di tampi kupanangan katuhu abdi. Sareng mugi ngahisab gusti ka abdi kalawan kuhisaban anu sakedap pisan.
اَللّٰهُمَّ لَاتُعْطِنِي كِتَابِي بِشِمَالِي اَوْمِنْ وَّرَآءِظَهْرِيْ
He ALLOH ulah masihkeun gusti kana buku amal abdi, kalawan di tampi kupanangan kenca abdi atawa tina tonggong abdi.
اَللّٰهُمَّ حَرِّمْ شَعْرِيْ وَبَشَرِيْ عَلَى النَّارِ
He ALLOH mugi ngaharamkeum gusti kana rambut abdi sareng kulit abdi lebet kana naraka.
اَللّٰهُمَّ اجْعَلْنِي مِنَ الَّذِيْنَ يَسْتَمِعُونَ الْقَولَ فَيَتَبِعُوْنَ اَحْسَنَهُ
He ALLOH mugi ngajadikeun gusti ka abdi tigolongan jalmi anu seueur ngupingkeun sareng turut kana cariosan sae.
اللّٰهُمَّ اسْمَعْنِيْ مُنَادِيَ الْجَنَّةَ فِى الْجَنَّةِ مَعَ الْاَبْرَارِ
He ALLOH mugi ngupingkeun gusti ka abdi kana panggerona syurga, di lebet syurga bari sasarengan sareng para Nabi para Wali.
اَللّٰهُمَّ ثَبِّتْ قَدَمِيْ عَلٰى صِرَاطٍ مُّسْتَقِيْمط يَوْمَ تُثَبِّتْ فِيْهِ اَقْدَامُ الْمُؤْمِنِيْنَ مَعَ اَقْدَامٍ مِّنْ عِبَادِكَ الصّٰلِحِيْنَ
He ALLOH mugi netepkeun gusti kana dampal sampean abdi dina waktu nyukang jembatan sirotholmustakim, dind poean ditetepkeunana sampean jalma mu'min, sareng sampean abdina gusti anu pada saroleh kabeh.
اَللّٰهُمَّ اِنِّي اَعُوْدُبِكَ اَنْ تَجِلَّ قَدَمِيْ عَلٰى صِرَاطٍ فِى النَّارِط يَوْمَ تُجِلُّ فِيْهِ اَقْدَامُ الْمُنَافِقِيْنَ وَالْمُشْرِكِينَ
He ALLOH sayaktosna abdi eta nyuhunkeun pangraksa ka gusti, tina tijalikeuhna sampean abdi dina waktu nyukang kana naraka. Dina poean ditijalikeuhkeunana suku-sukuna jalma munafek sareng jalma musyrik.
اَشْهَدُ اَنْ الَّاآِلٰهَ اِلَّا اللهُ وَحْدَه لَاشَرِيْكَلَهٗ ط
Nyaksian kaula yen saenya-enyana henteu aya deui pangeran anu wajib di ibadahan kusabenerna anging gusti ALLOH. Nyalira gusti ALLOH, henteu aya anu ngarencangan ka gusti ALLOH.
وَاَشْهَدُ اَنَّ مُحَمَّدًا عَبْدُه وَرَسُولَهٗ ط
Sareng nyaksian kaula yen saenya-enyana kangjeng nabi Muhammad eta abdina ALLOH sareng utusanana gusti ALLOH.
اَللّٰهُمَّ اجْعَلْنِيْ مِنَ التَّوَّابِيْنَ وَاجْعَلْنِيْ مِنَ المُتَطَهِرِيْنَ وَاجْعَلْنِيْ مِنْ عِبَادِكَ الصَّالِحِيْنَ
He ALLOH mugi ngajadikeun gusti kaabdi tigolongan jalmi anu tarobat kabeh, sareng mugi ngajadikeun gusti kaabdi tigolongan jalmi anu saruci kabeh,Sareng mugi ngajadikeun gusti kaabdi tigolongan abdina gusti anu pada saroleh kabeh.

D O A S H O L A T
DO’A SHOLAT
اُصَلِّى فَرْضَ"......." "........"مُسْتَقْبِلَ الْقِبْلَةِ اَدَاءًا لِلهِ تَعَلٰى
Niat abdi sholat kana fardhu "................" kalawan "........" rakaat bari mayun kaQiblat ngalakonan dina waktuna [ ma'mum ] karena ALLOH ta'ala.
Ari gusti ALLOH eta anu Maha Agung.  اَللهُ اَكْبَرْ                         
اَللهُ اَكْبَرْ كَبِرًا وَالْحَمْدُ للهِ كَثِيْرًا
Ari gusti ALLOH eta anu Maha Agung, kalawan agung anu satemena. Sareng kalawan muji ka gusti ALLOH kalawan pamuji anu saseur-seueurna.
وَسُبْحَانَ اللهِ بُكرَةً وَّاصِيْلاً
Sareng banget Maha Suci gusti ALLOH dina waktos enjing-enjing sareng pasosonten.
اِ نِّيْ وَجَّهْتُ وَجْهِيَ لِلَّذِيْ فَطَرَالسَّمٰوَاتِ وَالْاَرْضِ
Sayaktosna abdi eta madepkeun abdi kana raray abdi ka Dzat anu parantos ngadamel pirang-pirang langit tujuh sareng bumi.
حَنِيْفًا مُّسْلِمًا وَّمَااَنَا مِنَ الْمُشْرِكِيْنَ
Bari loyog hate kana agama islam, tur bari islam. Sareng ari abdi eta sanes tigolongan jalmi musyrik.
اِنَّ الصَّلاَتِيْ وَنُسُكِيْ وَمَحْيَايَ وَمَمَاتِيْ لِلهِ رَبّ العَالَمِيْنَ
Sayaktosna sholat abdi sareng ibadah abdi sareng hirup abdi sareng maot abdi, eta tetep kagungan gusti ALLOH anu mangeranan sadaya alam.
لَاشَرِيْكَلَهٗ وَبِذٰ لِكَ اُمِرْتُ وَاَنَا مِنَ الْمُسْلِمِيْنَ
Henteu aya anu ngarencangan ka gusti ALLOH, sareng kana eta ibadah diparentah abdi. Sareng ari abdi eta tigolongan jalmi islam.
اَعُوْذُ بِاللهِ مِنَ الشَّيْطَانِ الرّجِيْمِ
Nyuhunkeun pangraksa abdi ka gusti ALLOH tina panggodana syetan anu di benduan.
بِسْمِ اللهِ الرَّحْمٰنِ الرَّحِيْمِ ۞
Kalawan nyebat jenenga gusti ALLOH anu maparinan ni'mat ieu ALLOH di dunya sareng di akherat,  tur anu maparinan ni'mat ieu ALLOH di akherat ka mu'min wungkul.
اَلْحَمْدُ للهِ رَبّ العَالَمِيْنَ ۞
Ari sadayana puji eta tetep kagungan gusti ALLOH anu mangeranan sadaya alam.
اَلرَّحْمٰنِ الرَّحِيْمِ ۞
Anu maparinan ni'mat ieu ALLOH di dunya sareng di akherat, tur anu maparinan ni'mat ieu ALLOH di akherat ka mu'min wungkul.
مٰلِكِ يَوْمِ الدّيْنِ ۞
Anu ngaratuan dina poe agama, tegesna poe kiamah.
اِيَّاكَ نَعْبُدُ وَاِيَّاكَ نَسْتَعِيْنُ ۞
Kagusti ALLOH wungkul ibadah abdi sadaya sareng ka gusti ALLOH wungkul nyuhunkeun pitulung abdi sadaya.
اِهْدِنَالصّرَاطَ الْمُسْتَقِيْمَ ۞
Mugi nuduhkeuh gusti kaabdi sadaya kana jalan anu lempeng sarta bener, tegesna jalan agama islam.
صِرَاطَ الَّذِيْنَ اَنْعَمْتَ عَلَيْهَم ﻩۙ
Nyaeta jalana jalma-jalma anu parantos maparinan ka ni'matan gusti ALLOH ka eta jalma-jalma.
غَيْرِالْمَغْضُوْبِ عَلَيْهِمْ وَلاَالضَّآلِيْنَ ۞
Lain jalana jalma-jalma anu ibendua, sareng lain jalana jalma-jalma anu salasar.
Mugia ngaijabah gusti kana pangdu'a abdi sadaya.                              اٰمِيْنْ
بِسْمِ اللهِ الرَّحْمٰنِ الرَّحِيْمِ
Kalawan nyebat jenengan gusti ALLOH anu maparinan ni'mat ieu ALLOH di dunya sareng di akherat, tur anu maparinan ni'mat ieu ALLOH di akherat ka mu'min wungkul.
Demi waktu ashar                وَالْعَصْرِ ۞ۙ                                  اِنَّ الْاِنْسَانَ لَفِيْ خُسْرٍ ۞ۙ
Saenya-enyana sakabeh manusa eta aya dina karugian
اِلَّا الَّذِيْنَ اٰمَنُوْاوَعَمِلُواالصّٰلِحٰتِ
Anging anu moal rugiteh jalma-jalma anu ariman, sareng jalma-jalma anu pada migawe amal sholeh.

وَتَوَاصَوْابِالْحَقّ ﻩۙ وَتَوَاصَوْابِاالصَّبْرِ۞
Sareng jalma-jalma anu silih wasiatan dina kabeneran, sareng jalma-jalma anu silih wasiatan dina kasobaran.
بِسْمِ اللهِ الرَّحْمٰنِ الرَّحِيْمِ
Kalawan nyebat jenengan gusti ALLOH anu maparinan ni'mat ieu ALLOH di dunya sareng di akherat, tur anu maparinan ni'mat ieu ALLOH di akherat ka mu'min wungkul.
قُلْ هُوَاللهُ اَحَدٌ۞ۚ
Ucapkeun ku anjen Muhammad yen saenya-enyana gusti ALLOH teh eta tunggal.
ALLOH teh tempat panyalindungan.اَللهُ الصَّمَدُ۞ۚ                            Henteu putraan sareng henteu di putrakeun.          لَمْ يَلِدْ وَلَمْ يُوْلَدْ۞ۙ
وَلَمْ يَكُنْ لَّه كُفُوًااحَدٌ۞
Sareng henteu aya saurang oge anu ngabandingan kamantena.
Ari gusti ALLOH eta anu Maha Agung. اَللهُ اَكْبَرْ                        
سُبْحَانَ رَبّيَ الْعَظِيْمِ وَبِحَمْدِہٖ  ۳x
Banget Maha Suci pangeran abdi anu Maha Agung ieu gusti ALLOH. Sareng kalawan muji ka gusti ALLOH.
سَمِعَ اللهُ لِمَنْ حَمِدَﻩٗ
Mugia nampi gusti ALLOH kana pamujina jalmi anu muji ka gusti ALLOH.
رَبَّنَالَكَ الْحَمْدُ
He pangeran abdi sadaya, eta tetep kagungan gusti ari sadayana puji.
مِلْءُالسَموَاتِ وَمِلْ ءُالْاَرْضِ
Anu minuhan pirang-pirang langit tujuh sareng anu minuhan bumi.

وَمِلْ ءُ مَا شِئْتَ مِنْ شَيْءٍبَعْدُ
Sareng anu minuhan sakersana gusti, tina sagala perkara saparantosna minuhan langit sareng bumi.
Ari gusti ALLOH eta anu Maha Agung. اَللهُ اَكْبَرْ                        
سُبْحَانَ رَبّيَ الْاَعْلٰى وَبِحَمْدِہٖ  ۳x
Banget Maha Suci pangeran abdi anu Maha Luhur ieu gusti ALLOH. Sareng kalawan muji ka gusti ALLOH.
Ari gusti ALLOH eta anu Maha Agung. اَللهُ اَكْبَرْ                        
رَبّ اغْفِرْلِيْ وَارْحَمْنِ
He pangeran abdi mugi ngahampura gusti ka abdi. Sareng mugi maparinan rohmat gusti ka abdi.
وَاجْبُرْنِيْ وَارْفَعْنِيْ
Sareng mugi nyugihkeun gusti ka abdi. Sareng mugi ngaluhurkeun gusti kana darajat abdi.
وَارْزُقْنِيْ وَاهْدِنِيْ
Sareng mugi ngarizkian gusti ka abdi. sareng mugi nuduhkeun gusti ka abdi.
وَعَافِنِيْ وَاعْفُ عَنّيْ
Sareng mugi ngaraksa gusti ka abdi. sareng mugi ngalebur gusti kana dosa-dosa abdi.
Ari gusti ALLOH eta anu Maha Agung. اَللهُ اَكْبَرْ                        
سُبْحَانَ رَبّيَ الْاَعْلٰى وَبِحَمْدِہٖ  ۳x
Banget Maha Suci pangeran abdi anu Maha Luhur ieu gusti ALLOH. Sareng kalawan muji ka gusti ALLOH.


اَلتَّحِيَّاتُ الْمُبَارَكَاتُ الصَّلَوَاتُ الطَّيّبَاتُ للهِ
Ari piramg-pirang panghurmatan sareng pirang-pirang kaberkahan sareng pirang-pirang sholat anu lima waktu sareng pirang-pirang kahadean, eta tetep kagungan gusti ALLOH.
اَلسَّلَامُ عَلَيْكَ اَيُّهَاالنَّبِيُّ
Ari kasalametan eta muga tetep ka anjeun, He eling-eling Nabina.
وَرَحْمَةُ اللهِ وَبَرَكَاتُه
Sareng rohmatna ALLOH sareng kaberkahan ti ALLOH.
اَلسَّلَامُ عَلَيْنَا وَعَلٰىعِبَادِ اللهِ الصَّالِحِيْنَ
Ari kasalametan eta muga tetep ka abdi sadaya sareng ka abdina gusti anu pada saroleh kabeh.
اَشْهَدُ اَنْ الَّاآِلٰهَ اِلَّا اللهُ
Nyaksian kaula yen saenya-enyana henteu aya deui pangeran anu wajib di ibadahan ku sabenerna anging gusti ALLOH.
وَاَشْهَدُ اَنَّ مُحَمَّدًارَّسُوْلُ اللهْ
Sareng Nyaksian kaula yen saenya-enyana kangjeng Nabi Muhammad eta utusan gusti ALLOH.
اَللّٰهُمَّ صَلّ عَلٰىسَيّدِنَا مُحَمَّدْ
He ALLOH mugi maparinan rohmat gusti kapanutan abdi sadaya tegesna kangjeng Nabi Muhammad.
وَعَلٰى اٰلِ سَيّدِنَا مُحَمَّدْ
Sareng kakulawargina panutan abdi sadaya kangjeng Nabi Muhammad.
كَمَا صَلَيْتَ عَلٰى سَيّدِنَا اِبْرَاهِيْمْ
Sapertos perkara anu parantos maparinan rohmat gusti kapanutan abdi sadaya tegesna kangjeng Nabi Ibrohim.
وَعَلٰى اٰلِ سَيّدِنَا اِبْرَاهِيْمْ
Sareng kakulawargina panutan abdi sadaya kangjeng Nabi Ibrohim.
وَبَارِكْ عَلٰىسَيّدِنَا مُحَمَّدْ
Sareng muga nambihan kaberkahan gusti kapanutan abdi sadaya tegesna kangjeng Nabi Muhammad.
وَعَلٰى اٰلِ سَيّدِنَا مُحَمَّدْ

Sareng kakulawargina panutan abdi sadaya kangjeng Nabi Muhammad.
كَمَا بَارَكْتَ عَلٰىسَيّدِنَا اِبْرَاهِيْمْ
Sapertos perkara anu parantos maparinan kaberkahan gusti kapanutan abdi sadaya tegesna kangjeng Nabi Ibrohim.
وَعَلٰىاٰلِ سَيّدِنَا اِبْرَاهِيْمْ
Sareng kakulawargina panutan abdi sadaya kangjeng Nabi Ibrohim.
فِى العَالَمِيْنَ اِنَّكَ حَمِيْدٌ مَّجِيْدٌ
Dina sadayana alam sayaktosna gusti eta dzat anu di puji tur dzat anu Maha Agung.
اَللّٰهُمَّ اِنِّيْ اَعُوْذُبِكَ
He ALLOH sayaktosna abdi eta nyuhunkeun pangraksa abdi kagusti.
مِنْ عَذَابِ الْقَبْرِ وَمِنْ عَذَابِ النَّارِ
Tina siksana pakuburan sareng siksana naraka.
وَمِنْ فِتْنَةِ الْمَحْيَا وَالْمَمَاتِيْ
Sareng tina fitnahna hirup sareng fitnahna maot.
وَمِنْ فِتْنَةِ الْمَسِيْحِ الدَّجَّالْ
Sareng tina fitnahna ambahan DAJJAL.
اَلسَّلَامُ عَلَيْكُمْ وَرَحْمَةُ اللهِ
Ari kasalametan eta tetep ka anjeun sadaya, sareng rohmatna ALLOH.


اِنّيْ اَسْئَلُكَ فَوْزًا بِۢالْجَنَّةِ
Sayaktosna abdi eta nyuhunkeun abdi ka gusti kana bagja, kalawan lebet kasurga.
اَلسَّلَامُ عَلَيْكُمْ وَرَحْمَةُ اللهِ
Ari kasalametan eta muga tetep ka anjeun sareng rohmatna ALLOH.
اِنّيْ اَسْئَلُكَ نَجَاةَمّنَ النَّارِ
Sayaktosna abdi etanyuhunkeun abdi kagusti kana salamet tina siksa naraka.
وَالْعَفْوَ عِنْدالْحِسَابْ
Sareng kana di hampunten dina nalika diperhitungkeun amal.
بِسْمِ اللهِ الَّذِ يْ لَاالٰهَ اِلَا هُوَ الرَّحْمٰنُ الرَّحِيْم
Kalawan nyebat jenengan gusti ALLOH, anu henteu aya deui pangeran anu wajib di ibadahan ku sabenerna anging gusti ALLOH, anu maparinan ni'mat ieu ALLOH didunya sareng di akherat, tur anu maparinan ni'mat ieu ALLOH di akherat ka mu'min wungkul.
اَللّٰهُمَّ اذْهَبْ عَنِ الْهَمَّ وَالْحَزَنْ
Nun gusti mugi ngaleungitkeun kana sagala kasusahan sareng kaprihatinan..
م

Tidak ada komentar:

Posting Komentar